Powered By Blogger

Jumat, 02 Mei 2025

Di hiji tempat anu kasebat lembur Panglawungan nagara Ngawang ngawang, kacaturkeun paguneman catur ngaler ngidul antara Dawala sareung Nalagareng, dua nana nuju ngarineh tamba sare sore sore ngalarobrol silih pairan obrolan ngeunaan kahirupan anu kaalaman di jaman kiwari. rupa rupa papanggihan atawa pangalaman salila ngalalana sok sanajan ayeuna ogenan sarua we keur ngalanana.
pok dawala nyarita

  • Dawala : Bagja - bagja bagja yi Gareng ayeuna urang duaan bisa kumpul ngariung deui di hiji mangsa anu teu kapikiran samemehna nya ? arurang ayeuna aya dina kaayaan sehal wal afiat sehat jiwa raga,

  • Gareng : muhun muhun leres akang, dina leresan ayeuna raraosanmah gareng ogenan sapertosnamah aya dina kaayaan sehat wal afiat.

  • Dawala : heu euh syukur Alhamdulillahirabbilalamiin bisa ngarasakeun sehat wal afiat, jeung salawasna inget kana nikmat karunia ti Mantenna nyatana Allah Subhanahu Wata'ala

  • Gareng : muhun muhun Kang, akang parantos moddol ?

  • Dawala : oh parantos atuh dinten ayeunamah, eh naha geuningan nanyakeun moddol :

  • Gareng : nya bisi we atuh can moddol atawa hese moddol, da kuringmah lamun teu moddol asa teu geunah we karasana kana awak teh, komo lamun mules wae bari jeung hese kaluar mah eta kotoranna.

  • Dawala : heu heu heu eunya ketang mindeng akang oge ngarasakeun kitu, geus ah ulah waka ngahabas eta, cuang ngabahas nu lain we ayeunamah.

  • Gareng : oh nya atuh urang ngobrolkeun naon dina kasempetan ieu ?

  • Dawala : dina kasempetan ayeuna urang ngobrolkeun Sajarah atawa kasantunkang hiji desa, nyaeta Desa Baregbeg

  • Gareng : boleh boleh lah hasokan areng deuk ngadengekeun we alias ngupingkeun

  • Dawala : nya syukur rek ngadengekeunmah, ieumah urang ngaguar carita malah mandar aya luang pikeun urang jeung inget kana asal muasal, sakali kali urang teh ngingetan deui kasantukang hiji tempat anu mana bisa jadi pamicu urang leuwih mikanyaah deui ka lembur sarakan urang.

  • Gareng : hmm muhun muhun Kang, lajeung, lajeungkeun Kang

  • Dawala : ujaring carita Reng ceunah Baregbeg teh nyaeta hiji tutuwuhan anu mangrupa tatangkalan sarupa awi awian

  • Gareng : owhhh sajeunis awi awian nyah kang ? ke ke ke awi nu kumaha ?

  • Dawala : satutasna ku akang di taliti di titenan tetela geuningan awi teh loba rupa atawa jenis na

  • Gareng : owhh loba jenis atawa rupa na nyah, coba coba coba tataan hiji hiji

  • Dawala : nya diantarana aya awi gombong, aya awi bitung, aya awi tali, aya awi tajur, aya awi tamiang, aya pringkadani, aya awi jepang, aya awi ampel, ampel oge rupa rupa diantarana ampel hejo, ampel koneng, aya oge awi baregbeg atawa buluh

  • Gareng : tah tah tah aya kasebut awi buluh atawa baregbeg, eta rupa na kumaha awi buluh atawa baregbeg

  • Dawala : sapaliwat mah awi buluh atawa Baregbeg teh mirip awi tajur, ukuranna seudeung lah teu gede teuing teu leutik teuing, sakainget kuring dihareupeun kantor desa pernah aya dipelak eta awi teh.

  • Gareng : ari ayeuna kumaha kang masih keneh aya eta awi teh ?

  • Dawala : aya sih tapi di hareupeun kantor desa akang asa teu ningali, lamun teu salah aya ningali teh di blok perumahan baladewa.

  • Gareng : owh kitu nya kang, naha kunaon di ilangkeun atuh nya ?

  • Dawala : duka tah naon sababna eta ciri dileungitkeun, duka pedah bala duka kumaha teu apal ah.

  • Gareng : owh kitu, areng pernah nguping saurna aya pupuhu atanapi kasepuhan para pendiri Baregbeg ieu Kang ?

  • Dawala : oh jelas reng tangtos aya, yakin akang di satiap lembur aya tetua atapi kasepuhan anu ngarintis atawa miara ngamakmurkeun eta lembur nya diantara lembur atawa Desa Baregbeg ieu

  • Gareng : tah Desa Baregbeg ieu saha atuh kasepuhanna atawa cikal bakal na ?

  • Dawala : numutkeun carita atawa prasasti anu aya di Desa Baregbeg anu kacatet didinya wasta na Arya Janggala, anu kacarioskeun tileum atanapi patilasanna anu ayeuna katelah wewengkon Dusun Baregbeg kolot, nya urang dieu nyarebatna kiayi Arya Janggala

  • Gareng : ohh kiayi Arya Janggala, palih mana etateh kah Baregbeg Kolot teh ?

  • Dawala : lokasi na aya di blok atawa lebah Universitas Galuh jeung SMA 1 Baregbeg, lebah dinya kan asup ka Wewengkon Dusun Baregbeg kolot, watesna ti jembatan walungan Cikalagen ngetan ngidul, eta hutan Kota salamanik ogenan asup ka wewengkon Dusun Baregbeg Kolot reng

  • Gareng : ohh muhun muhun muhun kang. tah pami di hutan kota salamanik kukupinganmah aya patilasan oge nya kang ?

  • Dawala : enya aya reng, tah didinya mah Patilasanna Ki Buyut Mangun Tapa, malah mah eta tempat ka asup tempat anu di lestarikeun, ngaranna situs Ki Buyut Manguntapa Salamanik Baregbeg,

  • Gareng : dupi Ki Buyut Manguntapa teh asli kalahiran Baregbeg kang ?

  • Dawala : numutkeun katerangan nyaeta carios beja pabeja beja anjeunna sanes kalahiran Baregbeg tapi Kalahiran Cirebon, harita waktos jumeneng keneh Raja Prabu Siliwangi anjeunna kapapancenan ka leubah dieu, ngabantosan dina hal pemerintahan, kayakinan sareng tata kelola lingkungan, ya di Baregbeg oge anjeunna nyebarkeun Ajaran Agama Islam.

  • Gareng : ohh kitu nya kang, anjeunna nyalira bubuara ka Baregbeg teh ?

  • Dawala : henteu reng anjeuna aya rencang na, anu masing masing rencang teh kagungan atanapi kasinugrahan kaahlian masing masing,

  • Gareng : tah tah tah saha wae eta kang rencang Ki Buyut Mangun Tapa teh ?

  • Dawala : tah rencang Ki Buyut Mangun Tapa teh numutkeun carios ti juru kunci atanapi kuncen di wewengkon Patilasanna nyatana di Salamanik tea

  • Gareng : owh aya juru kunci na oge di eta wewengkon Patilasan Ki Buyut Manguntapa Salamanik teh kang ?

  • Dawala : kantenan aya atuh Reng, nya anu katelah wasta na eta juru kunci teh nyaeta Abah Soleh Saepudin linggih na di Dusun Desa RT 004 RW 002 Desa Baregbeg Kecamatan Baregbeg

  • Gareng : owhh kitu nya kang ? tos lami anjeunna janten juru kunci teh ?

  • Dawala : sapertinamah lumayan lami oge reng, keun urang teunden di handeuleum sieum pikeun sampeureun jaga perkawis Juru Kunci mah nya,

  • Gareng : muhun muhun kang, atuh lajeungkeun deui ngeunaan rencang atanapi pangiring Ki Buyut Mangun Tapa tea kang !!

  • Dawala : tah jenengan para pangirin Ki Buyut Mangun Tapa teh diantarana aya Ki Dalem Abrur patilasanna di palih wetan peuntaseun walungan cikalagen nyaeta sagedengeun Dam Aspan

  • Gareng : ohh kutan palih wetan nyah ? teras saha deui ?

  • Dawala : salajeungna aya Nyai Buni Geulis patilasanna lamun ti Patilasan ki Dalem Abrur ka belah wetan kebat pernahna di teungah sawah aya hiji tempat anu rimbun ku tutuwuhan ti tengah sawah

  • Gareng : ohhh ti Dalem Abrur ka palih wetan nya, teras saha deui kang ?

  • Dawala : ti Nyai Buni Geulis ka palih Kulon meuntas walungan cikalagen deui didinya aya Kiai Arya Janggala anu kacarioskeun ilang di palihan dinya

  • Gareng : muhun muhun muhun, masih keneh aya kang pangiring na ki Buyut Mangun Tapa teh ?

  • Dawala : aya reng, tah ti patilasan Dalem Abrur ka palih kaler aya didinya pernah bumetahna Kiai Gajah Barong nah malahan mah aya sakola Dasar anu ngangge ngaran mantenna nyaeta SD Gajah Barong.

  • Gareng : ohhh aya geuningan nya Kiai Gajah Barong teh ? teras saha deui kang ?

  • Dawala : ti patilasan Kiai Gajah Barong ka beulah kulon didinya aya Patilasanna Dalem Sutakerti urang dinya mere ngaran ka eta wewengkon nyaeta Sakerti

  • Gareng : ohh Dalem Sutakerti nya ? teras masih keneh aya Kang Pangiring na ?

  • Dawala : aya reng tah ti Gajah Barong kebat ka kaler didinya aya Kiai Rambut Beukah, pernah na di Dusun Ciwahangan

  • Gareng : oh muhun muhun muhun teras aya keneh kang ? pangiring na ?

  • Dawala : aya reng nyaeta ti panglinggihan Kiai Rambut Beukah ngaler ngulon aya didinya nyaeta Ki Ajar Padang nyaeta wewengkon Pasanggrahan. tah urang duaan ayeuna aya di wewengkon Pasanggrahan cakeut sareung tempat linggih na Kiai Ajar Padang.

  • Gareng : ohh muhun muhun kang, nya sigana sakali kali mah urang teh kudu kadinya nya kang ? silaturahmi pangpangnamah tapakur sangkan inget kana perjuanganna ngaheuyeuk leumbur sangkan subur makmur

  • Dawala : nya Reng pan aya paribahasa maung paeh ninggalkeun beulang manusa maot ninggalkeun karya jeung pagawean pagawean nu hade turutaneun tuluykeuneun generasi nu bakal ngaganti na nya diantara urang duaan ieu.

  • Gareng : eunya Kang ayeuna arurang mah mun dibandingkeun jeung aranjeunna tacan aya nanaonna, aranjeunna mah estu sepi ing pamrih rame ing gawe, ari kuring mah lamun barang gawe teh pedah aya pamrihna geuningan.

  • Dawala : puguh ge reng nya kitu akang ogenan migawe nanaon teh teu weuleh sok kaentreupan wae ku rasa hayang ka eueluhkeun, hayang di nuhunkeun hayang diwahkeun hese geuningan nya nata hate sangkan mibanda atawa anceug kana sepi ing pamrih rame ing gawe teh.

    kitu diantarana paguneman antara Dawala sareung Nala Gareng silih elingan atawa sakilas ngaguar ngeunaan para kasepuhan anu ngadukung kana kamajuan atanapi perkembangan Desa Baregbeg. cag











Kamis, 01 Mei 2025

OBROLAN NGALER NGIDUL

Kacarios dina hiji weungi, angin peuting sumilir kawas ngusapan kana raga, hawar hawar aya paguneman antara cuang sebat we Dewala sareng Nala Gareng, ngobrol ngaler ngidul madungdeungkeun pamanggih - pamanggih dua nana salila kumelendang rumingkan di alam dunya ieu. sebat we lembur na lembur Panglawungan nagara Ngawang - ngawang.

  • Dawala : Reng Gareng aduh, aduh, aduh bagja bagja bagja yi ayeuna urang duaan bisa ngobrol paduduan dina peuting ieu nya ?

  • Gareng : muhun kang kaleresan deui akang nuju aya di rorompok jeung teu nuju sibuk katingalinamah nya ?

  • Dawala : ah ieumah ngarineh-rineh karep we atawa nyalse nyalse keun maneh, da lamun nurutkeun kana kasibukan mah aya wae geuningan.

  • Gareng : aeh aeh enya ketang kang sarua kuring ogenan model kitu, nyata karasa pertela nya ieumah kuring oge ngahajakeun ngencagkeun heula kasibukan nyempetkeun panggih jeung akang, manggihan pan ceunah ari jeung papada dulur mah urang teh kudu remen silaturahmi.

  • Dawala : tah eta geuning ilaing apal Reng, nya kitu kitu pisan akang oge. nya ieu teh di heunteu heunteu oge kadar sareung kapastian ti Allah Rabbulalamiin urang duaan bisa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan ayeuna teh.

  • Gareng : muhun, muhun, muhun Kang, tah ayeunamah urang ngobrol ngaler ngidul, urang silih pairan obrolan malah mandar tina obrolan urang teh aya hal hal anu manfaat tur bisa jadi hikmah atawa pelajaran anu berharga pikeun nyinghareupan perjalanan kahirupan anu masih keneh kudu dilakonan.

  • Dawala : nya hayu atuh ari kitumah, taya salahna urang ngobrol silih caritakeun pangalaman - pangalaman salila nyorang kahirupan di dunia ieu, da masing masing urang teh pasti pernah manggih atawa ngalaman hal hal anu pikaseurieun, pikasebeuleun pokonamah pika pika eun we lah nya.

  • Gareng : muhun - muhun Kang, rek tisaha heula anu rek pangheulana akang atawa kuring ?

  • Dawala : ah saha we etamah, nu siap, duh alusnamah bari ngopi jeung mumuluk nya urang ngobrol teh ?

  • Gareng : ih kantenan kang alus pisan eta urang macangkrama bari baranggayeum mah he he.

  • Dawala : ke ke ke ari yi Gareng merhatikeun perkembangan zaman kiwari ?

  • Gareng : perkembangan kumaha kang ?

  • Dawala : eta dina hal kemajuan teknologi mangrupa rupa rupa aplikasi, media sosial, jeung sajabana ?

  • Gareng : oh jelas atuh kang, najan dangdanan sederhana kieu oge, ari perkembangan atawa kemajuan tekhnologimah ceuk rarasaanmah ulah tinggaleun meureun kang ?

  • Dawala : alus alus alus Reng boga pamikiran saperti kitu, ngandung harti urang teh keur migawe pituah kolot urang,

  • Gareng : na kumaha kitu pituah kolot urang teh kang ?

  • Dawala : eta geuning aya diantara pituah kolot teh anu kieu uni na, sing bisa ngigelan zaman

  • Gareng : wadoh ngigelan zaman ? naha da rarasaan mah gareng mah tara pati atawa tara unggal poe ngigeul, jeung deui da asa teu bisa ngigelna ogenan ?

  • Dawala : jiahahahaha maksudna lain ngigel anu gual geol gutak gitek rerengkenekan anggota badan reng.

  • Gareng : oh lain ngigel nu kitu ? na ari nggeus ngigel kumaha kang ?

  • Dawala : ngigel dina hal ieu urang teh ulah kurang pergaulan, atawa teu nitenan perkembangan kaayaan aku kajadian nepi ka kiwari

  • Gareng : ke ke ke ari kitu kiwari kumaha ?

  • Dawala : kiwari atawa ayeuna sok geura perhatikeun atawa titenan, sagala rupa serba canggih serba babari di akses atawa di teangan ngeunaan kanyaho atawa katerangan,

  • Gareng : na eunya kitu kang ? cik cik cik guar kang

  • Dawala : sok geura titenan hiji conto barang anu jaman kiwari sarerea meh pada boga jeung digunakeun, nu leutik anu geude kolot budak

  • Gareng : hmmm na barang naon eta kang ?

  • Dawala : eta hp atawa hand phone

  • Gareng : bahasa naon eta kang hand phone ?

  • Dawala : Bahasa deungeun etateh reng, cindeukna bahasa Inggris etateh reng,

  • Gareng : na da kuring mah teu pati faham atawa ngarti bahasa inggris kang cik ah jelaskeun

  • Dawala : hand hartina leungeun phone artina telephone, jadi meureun kurang leuwih telepon leungeun atawa telephone genggam.

  • Gareng : oh nya nya nya nya hi hi hi ingett inget kang nya hape

  • Dawala : tah pan ku ayana eta barang sagala rupa informasi atawa berita anu diperlukeun ku urang bisa di teangan make eta, ku cara ngarambah ka hiji situs, laman atawa halaman Reng.

  • Gareng : owh kitu nyah, naon wae eta kang anu bisa diteanganna ?

  • Dawala : ihh rupa rupa atuh, aya vidio, lagu-lagu, sajak, puisi, edukasi, pelajaran pokonamah beraneka ragam atawa euyeub,

  • Gareng : hmm nya nya nya, lamun carita atawa dongeng si Kabayan bisa di teangan kang ?

  • Dawala : ihhh kantenan atuh reng bisa pisan, tapi anu leuwih menarik deui reng

  • Gareng : naon tea etateh kang anu manarik na ?

  • Dawala : sajabana urang neangan atawa ningali karya - karya batur, urang ogenan bisa nyimpen hasil karya atawa kreatifitas sorangan reng,

  • Gareng : waduh alus atuh kang ari kitumah, kabeneran kuring resep kana kokojayan di solokan, teu nanaon lamun di vidiokeun ?

  • Dawala : nya empek wae tapi leuwih alus aya dina kasopanan oge nya, didinya kan geus jeubrog, bobogaan oge rambes bes buluna, nya atuh bari di calana ngojayna

  • Gareng : oh nya pasti atuh kang, da lamun heunteu di calanaan mah kaciri ulad alid na atuh, da kuring ogenan aya ka eramah atuh akang.

  • Dawala : ha ha ha ha nya panyangka teh midio keur ngojay bari bubulucun, luntad lentud,

  • Gareng : ke ke ke ari akan geus aya nyah dokumentasi atawa karya anu di simpen di medsos ?

  • Dawala : he he he he jangan ditanya atuh, acan puguh nyeta can faham jeung ngarti cara cara na ah ongkoh barina oge akangmah teu pirajeunan tunya tanya deui ongkoh.

  • Gareng : euh ari suganteh geus boga atawa geus nyimpen karya satadinamah kuring rek guguru, atawa menta diajarkeun kuring teh,

  • Dawala : jiahahahaha can reng acan ke we lah cuang babarengan ngotektak jeung diajar dipelajari.

  • Gareng : owh siap atuh ari kitumah kang, reuseup, reuseup pisan kuring jiganamah lamun kitu

  • Dawala : tah nya ari kitu caranamah meureun urang kudu tatahar jeung beuner beuner neangan atawa nyiapkeun kabutuhan kabutuhan ajang dukungan eta.

  • Gareng : wokeh siap lah kang, aduh aduh aduh ayeunamah beuteung kuring anu karasa ngusial teh kang, ke kang dikantun heula ah bade ka peungkeur nya, hoyong moddol eula.

  • Dawala : nya nya sok kaituh buru buru bisi kabusiatan na calana,

    atuh Gareng enggal - enggal ngabeleucet ka kamar mandi seja miceun kameneukeulan dina eusi padaharanna. cag


























Rabu, 02 April 2025

KUMPULAN LAGU KARANGAN BEBAS

CIKUR ATAU KENCUR

Intro : C F G C F G

C                                   F                        G                    C
daun daun hijau terhampar di pedataran halaman
G                    F                   G         C
menghiasi tertata dengan begitu rapih
C                    F                   C
terlihat indah dan begitu serasi
C                 F                  G                    C
sengaja ditanam dengan tumbuhan lainnya

C              F                G                         F                 C
inilah potret di pedesaan, pekarangan pun dimanfaatkan
C                                        F                          C                   G
dengan menanam tumbuhan umbi umbian atau bunga bungaan
           F                               G                 F          G           C
yang berfungsi juga bermanfaat tuk racikan bumbu masakan
F                     G                 C     F       C           G      F               C
diantaranya cikur atau kencur kaemferia galanga bahas ilmiahnya

F                                 C                                F
daunya lebar sedikit tebal kenyal kenyal sedikit
F                                       G           C               F                     G
dan juga agak merapat ke tanah, umbinya sembunyi di dalam tanah
C                         F                     G            C                   F        G
hangat hangat nikmat kalau di gigit, tercium aroma wangi jika terhirup
     C                        F            G           F     G     C
teraplikasikan ke olahan kuliner, jadilah nasi cikur


POHON PALA (Myristica fragrans)
Intro : Am Em F G C Am

Am                           F              G                         Am  
Rimbun tinggi menjulang, cukup rindang untuk berteduh
                        F             G                          Am
berbuah cukup lebat warna hijau kuning dan coklat,
Am                                    F                 G                                  Am
bergelantungan di ranting-rantingnya, tumbuh subur di bumi nusantara
F                                   G                           Am
rempah rempah pavorit semenjak jaman dahulu
F                               Em              Am
dan kini pun masih menjadi primadona
Am                       F                  G           Am
Tak lekang oleh jaman tak tergerus oleh waktu
Am           F             G       Am
oh pohon pala myristica fragrans


Am                         Em              Am                    Em
Kacatur mangsa kapungkur,  Ratusan taun nu kasorang
Am                         Em                 Am          Em
Bumetah di ieu weuweungkon, utusan ti karajaan



INDONESIA NEGERI SUBUR


Terhampar luas dimuka bumi ini, beraneka ragam tumbuhan

dari ufuk barat sampai ke ufuk timur, tidak bisa di sangkalkan

ini adalah anugerah dan karunia dari Tuhan, Allah Subhanahu Wata'ala yang

Maha Bijaksana Maha Pengasih Maha Penyayang pada semua Makhluk Ciptaan

dari mulai tumbuhan kecil-kecil sampai yang besar besar tinggi menjulang

dengan ukuran batang lebih dari sepinggang tempat bersarang elang

betapa setiap tumbuhan ini ada manfaat dan kegunaan

bagi tubuh manusia atau juga bagi hewan hewan yang beraneka ragam

semua tertata dan terencana dengan begitu rapih dan serasi

unik unik menarik dan fantastik serta exotik

mari kita manfaatkan jaga lestarikan jangan ugal ugalan

mengganti yang telah ditebang serta tidak jor joran membabat hutan

karena yang akan rugi nanti anak keturunan bisa juga mengundang murka Tuhan

Astagfirullahaladziim


bagaimana baiknya ? seperti apa baiknya ? harus nya baik baik semua

yang baik baik harusnya diupayakan, tak hanya lisan mengucapkan

anggota badan pun harus melaksanakan, sebelum orang lain melakukan

lebih bagus dia terlebih dahulu mencontohkan

jangan seperti calo atau sales produk penjualan

ke orang lain ditawarkan melakukan perjalanan

atau menggunakan produk hasil buatan

eh diriinya sendiri diam di tempat tanpa tujuan

bukan nya tidak baik itu kebiasaan, namun sedikit mengherankan

menurut keyakinan yang aku pelajari dan fahamkan

baik dan benar yang mutlak itu petunjuk dari Tuhan

yang telah tercacat di Kitab yang diturunkan

yaitu Al'Qur'an sebagai pedoman bagi yang beriman

peringatan bagi yang tidak berkenan, serta ancaman bagi yang bertentangan.

renungkan, fikirkan kiranya termasuk yang mana diri ini,

semoga diperkenankan menjadikan Alqur'an sebagai pedoman

dengan berusaha memahami serta tekad kuat untuk memahami dan mempedomaninya.

Bismillahiraahmanirrahiim Allahu Akbar Laa Haula Wala Kuwwata Illa Billahil Aliyil Aziim



Kamis, 20 Februari 2025

DIAJAR BENER

Teubisa teubisa moal aya kabisa
lamun teu diajar jeung nyobaan
nepikamana wae oge moal bisa
nya kudu nekad jeung nyoba'an

Pokona hirupmah kudu aya kabisa
kabisa anu saluyu jeung jamanna
anu mere manfaat boh keur diri boh keur lianna
pohara rugi saumpama cukup nyebut teu bisa

tanpa aya usaha atawa tarekah sangkan bisa
karasa teu walakaya dina teu boga kabisa
sagala rupana ngandeulkeun kaha'at insan lianna
leuheung basa kanu nulungan bisa mere upahna

kabisa lain ngan saukur bulat beulit nata bahasa
rungkal rengkol kaditu kadieu tanpa fakta
leuwih hade obrolan jeung prakna
lain ngan saukur ngabudah hungkul lah

Loba catur tibatan bukurna
bau sungut ngabamblam jiga nu eunya
ngarti jeung faham kana balukarna
padahal kerek semet sugan jeung boa-boa

nu kitumah watek nu kurang guna
asa leuwih hade tiis ceuli herang mata
asa leuwih hade cicing perhatikeun alur caritana
sugan isuk jaga ning geto bisa nurutanna

nurutan rengkak paripolah anu alusna
teu ngan saukur cacarek atawa nitah
jiga juragan nu gede hulu nu kudu di ugung ugung
saukur hayang senang teu hayang usaha

ari kitumah ngeunah di ehe teu enak di eon
punten dina hal ieu kuring hampura
saumpamana kuring loba mungpang
inyana jalma kuring jalma,

mungguhing Gusti Allah kabeh ge sarua
rekep dengdeng papak sarua
lain harta tahta tur jabatan nu jadi ukuran
tapi Kataqwaan tumut kana bebeneran

bebeneran anu saluyu jeung parentah Agama
nu natrat atra pertela kacutat dina ayat-ayat Na
nyatana Kitab Al'Qur'an tea
piwuruk pituduh keur sakumna manusa.





Minggu, 09 Februari 2025

KEBUN SEDERHANA TAPI MEMBUAT SEJUK SUASANA

Suasana Sejuk di Kebun

Memakai kemeja tangan panjang
kelir nya batik belang belang
Wahai Kawan - kawan yang sigap berjuang
Selalu tangguh dan tegar meski rintangan menghadang

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Sampurasun Bagja bagja bagja waluya 
dulur dulur kawan kawan semua dimana wae ayana
dimana saja berada
selalu sehat bertambah milik dan rezekinya 
berkah dan melimpah rezeki setiap harinya

aduhhh aduhh ini sekarang aku teh lagi di kebun lagi
kebun lagii kebun lagi ngonten teh atuh ya ?
ah ga apa apa kan ? emang kenapa gituh dengan kebun ?
karena aku saat ini amat sangat terkesan dengan suasana yang hijau hijau begini
semoga tidak dengan hijau hijau yang lain namun ya kalau lampu hijau dari pengatur lalu lintas sih ditunggu tunggu he he

pohon jeruk ada duri nya
durinya panjang hampir lima Centi
aduhai kawan kawan yang ceria
ini ada buah jeruk jatuh di tanah nih

begitu banyak nikmat
dan Karunia Ilahi yaitu Allah Subhanahu Wata'ala 
yang terhampar tidak terukur jumlahnya
ya diantara nya di permukaan bumi ini
daun daun yang hijau atau warna lainnya,
bunga bunga yang beraneka warna
pohon = pohon yang beraneka ragam
sungguh suatu Karunia yang tiada terhingga

diantaranya buah jeruk yang aku pungut tadi
entah bagaimana rasanya jeruk ini 
apakah asem atau manis ya ?
entahlah karena sepertinya belum begitu masak
ah bawa sajalah dulu nanti di tempat lain aku makan
maaf ya yang menaman jeruk,
aku ambil buah jeruknya ga bilang bilang


karena menurutku sih sepintar apapun atau sekuat apapun manusia tetap akan bergantung atau memerlukan makanan yang menjadikan asupan energi dan lain - lainnya, ya diantaranya tumbuh tumbuhan yang tampak di vidio ku ini. he he

aku teringat Sabda Nabi Muhammad Rasulullah Salallahu Alaihi Wasalam yang terdengar disampaikan oleh guru-guru atau alim ulama bahwasanya pekerjaan yang paling utama itu adalah bercocok tanam yang memang sih kalau di pikir - pikir rujukan utama atau kebutuhan pokok manusia adalah makanan. namun untuk makanan juga jangan berlebihan karena menurut anak muda zaman dulu atau yang sekarang jadi orang tua, jangan berlebih - lebihan ya itu tercatat juga di Ayat Suci Al Qur'an, bahwasanya Allah Subhanahu Wata'ala tidak menyukai yang berlebih lebihan, walaupun begitu jikalau meminta ampun dan menghentikan sikap berlebih - lebihan Tuhan yaitu Allah Subhanahu Wata'ala akan mengampuninya, aduhh ko jadi ceramah ya, maaf maaf aku hanya mengingatkan diriku saja. 

oh ya kali ini aku sengaja jalan jalan di kebun ini, kebun itu terletak di dekat rumah orang tua saya namanya Dusun Desa RT 04 RW 02 Desa Baregbeg Kecamatan Baregbeg. kalau tidak salah tanah nya ini atas nama orang kota sekilas bercerita tentang kondisi tanah ini beberapa tahun yang lalu atau beberapa puluh tahun yang lalu, kondisi tanah ini banyak pohon pohon besar terutama pohon rambutan dan salam, ada mungkin luasnya satu hektaran lebih, aku juga suka ngambil atau nyolong namanya karena ngambil tanpa bicara ke yang empu nya kan nyolong namanya, hi hi ngambil rambutan di sini, karena ya sayang sih buah rambutan itu oleh yang empu nya dibiarkan begitu saja, tapi denger- denger sih udah ada bicara sama penjaga kebun ini kalau mau sesuatu silahkan ambil aja daripada mubazir maka dari itu ya kami manfaatkan.




Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, Sampurasun, bagja bagja bagja waluya kawan kawan semua, kita bertemu lagi ya, he he he, ter...