Kacarios dina hiji weungi, angin peuting sumilir kawas ngusapan kana raga, hawar hawar aya paguneman antara cuang sebat we Dewala sareng Nala Gareng, ngobrol ngaler ngidul madungdeungkeun pamanggih - pamanggih dua nana salila kumelendang rumingkan di alam dunya ieu. sebat we lembur na lembur Panglawungan nagara Ngawang - ngawang.
- Dawala : Reng Gareng aduh, aduh, aduh bagja bagja bagja yi ayeuna urang duaan bisa ngobrol paduduan dina peuting ieu nya ?
- Gareng : muhun kang kaleresan deui akang nuju aya di rorompok jeung teu nuju sibuk katingalinamah nya ?
- Dawala : ah ieumah ngarineh-rineh karep we atawa nyalse nyalse keun maneh, da lamun nurutkeun kana kasibukan mah aya wae geuningan.
- Gareng : aeh aeh enya ketang kang sarua kuring ogenan model kitu, nyata karasa pertela nya ieumah kuring oge ngahajakeun ngencagkeun heula kasibukan nyempetkeun panggih jeung akang, manggihan pan ceunah ari jeung papada dulur mah urang teh kudu remen silaturahmi.
- Dawala : tah eta geuning ilaing apal Reng, nya kitu kitu pisan akang oge. nya ieu teh di heunteu heunteu oge kadar sareung kapastian ti Allah Rabbulalamiin urang duaan bisa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan ayeuna teh.
- Gareng : muhun, muhun, muhun Kang, tah ayeunamah urang ngobrol ngaler ngidul, urang silih pairan obrolan malah mandar tina obrolan urang teh aya hal hal anu manfaat tur bisa jadi hikmah atawa pelajaran anu berharga pikeun nyinghareupan perjalanan kahirupan anu masih keneh kudu dilakonan.
- Dawala : nya hayu atuh ari kitumah, taya salahna urang ngobrol silih caritakeun pangalaman - pangalaman salila nyorang kahirupan di dunia ieu, da masing masing urang teh pasti pernah manggih atawa ngalaman hal hal anu pikaseurieun, pikasebeuleun pokonamah pika pika eun we lah nya.
- Gareng : muhun - muhun Kang, rek tisaha heula anu rek pangheulana akang atawa kuring ?
- Dawala : ah saha we etamah, nu siap, duh alusnamah bari ngopi jeung mumuluk nya urang ngobrol teh ?
- Gareng : ih kantenan kang alus pisan eta urang macangkrama bari baranggayeum mah he he.
- Dawala : ke ke ke ari yi Gareng merhatikeun perkembangan zaman kiwari ?
- Gareng : perkembangan kumaha kang ?
- Dawala : eta dina hal kemajuan teknologi mangrupa rupa rupa aplikasi, media sosial, jeung sajabana ?
- Gareng : oh jelas atuh kang, najan dangdanan sederhana kieu oge, ari perkembangan atawa kemajuan tekhnologimah ceuk rarasaanmah ulah tinggaleun meureun kang ?
- Dawala : alus alus alus Reng boga pamikiran saperti kitu, ngandung harti urang teh keur migawe pituah kolot urang,
- Gareng : na kumaha kitu pituah kolot urang teh kang ?
- Dawala : eta geuning aya diantara pituah kolot teh anu kieu uni na, sing bisa ngigelan zaman
- Gareng : wadoh ngigelan zaman ? naha da rarasaan mah gareng mah tara pati atawa tara unggal poe ngigeul, jeung deui da asa teu bisa ngigelna ogenan ?
- Dawala : jiahahahaha maksudna lain ngigel anu gual geol gutak gitek rerengkenekan anggota badan reng.
- Gareng : oh lain ngigel nu kitu ? na ari nggeus ngigel kumaha kang ?
- Dawala : ngigel dina hal ieu urang teh ulah kurang pergaulan, atawa teu nitenan perkembangan kaayaan aku kajadian nepi ka kiwari
- Gareng : ke ke ke ari kitu kiwari kumaha ?
- Dawala : kiwari atawa ayeuna sok geura perhatikeun atawa titenan, sagala rupa serba canggih serba babari di akses atawa di teangan ngeunaan kanyaho atawa katerangan,
- Gareng : na eunya kitu kang ? cik cik cik guar kang
- Dawala : sok geura titenan hiji conto barang anu jaman kiwari sarerea meh pada boga jeung digunakeun, nu leutik anu geude kolot budak
- Gareng : hmmm na barang naon eta kang ?
- Dawala : eta hp atawa hand phone
- Gareng : bahasa naon eta kang hand phone ?
- Dawala : Bahasa deungeun etateh reng, cindeukna bahasa Inggris etateh reng,
- Gareng : na da kuring mah teu pati faham atawa ngarti bahasa inggris kang cik ah jelaskeun
- Dawala : hand hartina leungeun phone artina telephone, jadi meureun kurang leuwih telepon leungeun atawa telephone genggam.
- Gareng : oh nya nya nya nya hi hi hi ingett inget kang nya hape
- Dawala : tah pan ku ayana eta barang sagala rupa informasi atawa berita anu diperlukeun ku urang bisa di teangan make eta, ku cara ngarambah ka hiji situs, laman atawa halaman Reng.
- Gareng : owh kitu nyah, naon wae eta kang anu bisa diteanganna ?
- Dawala : ihh rupa rupa atuh, aya vidio, lagu-lagu, sajak, puisi, edukasi, pelajaran pokonamah beraneka ragam atawa euyeub,
- Gareng : hmm nya nya nya, lamun carita atawa dongeng si Kabayan bisa di teangan kang ?
- Dawala : ihhh kantenan atuh reng bisa pisan, tapi anu leuwih menarik deui reng
- Gareng : naon tea etateh kang anu manarik na ?
- Dawala : sajabana urang neangan atawa ningali karya - karya batur, urang ogenan bisa nyimpen hasil karya atawa kreatifitas sorangan reng,
- Gareng : waduh alus atuh kang ari kitumah, kabeneran kuring resep kana kokojayan di solokan, teu nanaon lamun di vidiokeun ?
- Dawala : nya empek wae tapi leuwih alus aya dina kasopanan oge nya, didinya kan geus jeubrog, bobogaan oge rambes bes buluna, nya atuh bari di calana ngojayna
- Gareng : oh nya pasti atuh kang, da lamun heunteu di calanaan mah kaciri ulad alid na atuh, da kuring ogenan aya ka eramah atuh akang.
- Dawala : ha ha ha ha nya panyangka teh midio keur ngojay bari bubulucun, luntad lentud,
- Gareng : ke ke ke ari akan geus aya nyah dokumentasi atawa karya anu di simpen di medsos ?
- Dawala : he he he he jangan ditanya atuh, acan puguh nyeta can faham jeung ngarti cara cara na ah ongkoh barina oge akangmah teu pirajeunan tunya tanya deui ongkoh.
- Gareng : euh ari suganteh geus boga atawa geus nyimpen karya satadinamah kuring rek guguru, atawa menta diajarkeun kuring teh,
- Dawala : jiahahahaha can reng acan ke we lah cuang babarengan ngotektak jeung diajar dipelajari.
- Gareng : owh siap atuh ari kitumah kang, reuseup, reuseup pisan kuring jiganamah lamun kitu
- Dawala : tah nya ari kitu caranamah meureun urang kudu tatahar jeung beuner beuner neangan atawa nyiapkeun kabutuhan kabutuhan ajang dukungan eta.
- Gareng : wokeh siap lah kang, aduh aduh aduh ayeunamah beuteung kuring anu karasa ngusial teh kang, ke kang dikantun heula ah bade ka peungkeur nya, hoyong moddol eula.
- Dawala : nya nya sok kaituh buru buru bisi kabusiatan na calana,
atuh Gareng enggal - enggal ngabeleucet ka kamar mandi seja miceun kameneukeulan dina eusi padaharanna. cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar