Di hiji tempat anu kasebat lembur Panglawungan nagara Ngawang ngawang, kacaturkeun paguneman catur ngaler ngidul antara Dawala sareung Nalagareng, dua nana nuju ngarineh tamba sare sore sore ngalarobrol silih pairan obrolan ngeunaan kahirupan anu kaalaman di jaman kiwari. rupa rupa papanggihan atawa pangalaman salila ngalalana sok sanajan ayeuna ogenan sarua we keur ngalanana.
pok dawala nyarita
- Dawala : Bagja - bagja bagja yi Gareng ayeuna urang duaan bisa kumpul ngariung deui di hiji mangsa anu teu kapikiran samemehna nya ? arurang ayeuna aya dina kaayaan sehal wal afiat sehat jiwa raga,
- Gareng : muhun muhun leres akang, dina leresan ayeuna raraosanmah gareng ogenan sapertosnamah aya dina kaayaan sehat wal afiat.
- Dawala : heu euh syukur Alhamdulillahirabbilalamiin bisa ngarasakeun sehat wal afiat, jeung salawasna inget kana nikmat karunia ti Mantenna nyatana Allah Subhanahu Wata'ala
- Gareng : muhun muhun Kang, akang parantos moddol ?
- Dawala : oh parantos atuh dinten ayeunamah, eh naha geuningan nanyakeun moddol :
- Gareng : nya bisi we atuh can moddol atawa hese moddol, da kuringmah lamun teu moddol asa teu geunah we karasana kana awak teh, komo lamun mules wae bari jeung hese kaluar mah eta kotoranna.
- Dawala : heu heu heu eunya ketang mindeng akang oge ngarasakeun kitu, geus ah ulah waka ngahabas eta, cuang ngabahas nu lain we ayeunamah.
- Gareng : oh nya atuh urang ngobrolkeun naon dina kasempetan ieu ?
- Dawala : dina kasempetan ayeuna urang ngobrolkeun Sajarah atawa kasantunkang hiji desa, nyaeta Desa Baregbeg
- Gareng : boleh boleh lah hasokan areng deuk ngadengekeun we alias ngupingkeun
- Dawala : nya syukur rek ngadengekeunmah, ieumah urang ngaguar carita malah mandar aya luang pikeun urang jeung inget kana asal muasal, sakali kali urang teh ngingetan deui kasantukang hiji tempat anu mana bisa jadi pamicu urang leuwih mikanyaah deui ka lembur sarakan urang.
- Gareng : hmm muhun muhun Kang, lajeung, lajeungkeun Kang
- Dawala : ujaring carita Reng ceunah Baregbeg teh nyaeta hiji tutuwuhan anu mangrupa tatangkalan sarupa awi awian
- Gareng : owhhh sajeunis awi awian nyah kang ? ke ke ke awi nu kumaha ?
- Dawala : satutasna ku akang di taliti di titenan tetela geuningan awi teh loba rupa atawa jenis na
- Gareng : owhh loba jenis atawa rupa na nyah, coba coba coba tataan hiji hiji
- Dawala : nya diantarana aya awi gombong, aya awi bitung, aya awi tali, aya awi tajur, aya awi tamiang, aya pringkadani, aya awi jepang, aya awi ampel, ampel oge rupa rupa diantarana ampel hejo, ampel koneng, aya oge awi baregbeg atawa buluh
- Gareng : tah tah tah aya kasebut awi buluh atawa baregbeg, eta rupa na kumaha awi buluh atawa baregbeg
- Dawala : sapaliwat mah awi buluh atawa Baregbeg teh mirip awi tajur, ukuranna seudeung lah teu gede teuing teu leutik teuing, sakainget kuring dihareupeun kantor desa pernah aya dipelak eta awi teh.
- Gareng : ari ayeuna kumaha kang masih keneh aya eta awi teh ?
- Dawala : aya sih tapi di hareupeun kantor desa akang asa teu ningali, lamun teu salah aya ningali teh di blok perumahan baladewa.
- Gareng : owh kitu nya kang, naha kunaon di ilangkeun atuh nya ?
- Dawala : duka tah naon sababna eta ciri dileungitkeun, duka pedah bala duka kumaha teu apal ah.
- Gareng : owh kitu, areng pernah nguping saurna aya pupuhu atanapi kasepuhan para pendiri Baregbeg ieu Kang ?
- Dawala : oh jelas reng tangtos aya, yakin akang di satiap lembur aya tetua atapi kasepuhan anu ngarintis atawa miara ngamakmurkeun eta lembur nya diantara lembur atawa Desa Baregbeg ieu
- Gareng : tah Desa Baregbeg ieu saha atuh kasepuhanna atawa cikal bakal na ?
- Dawala : numutkeun carita atawa prasasti anu aya di Desa Baregbeg anu kacatet didinya wasta na Arya Janggala, anu kacarioskeun tileum atanapi patilasanna anu ayeuna katelah wewengkon Dusun Baregbeg kolot, nya urang dieu nyarebatna kiayi Arya Janggala
- Gareng : ohh kiayi Arya Janggala, palih mana etateh kah Baregbeg Kolot teh ?
- Dawala : lokasi na aya di blok atawa lebah Universitas Galuh jeung SMA 1 Baregbeg, lebah dinya kan asup ka Wewengkon Dusun Baregbeg kolot, watesna ti jembatan walungan Cikalagen ngetan ngidul, eta hutan Kota salamanik ogenan asup ka wewengkon Dusun Baregbeg Kolot reng
- Gareng : ohh muhun muhun muhun kang. tah pami di hutan kota salamanik kukupinganmah aya patilasan oge nya kang ?
- Dawala : enya aya reng, tah didinya mah Patilasanna Ki Buyut Mangun Tapa, malah mah eta tempat ka asup tempat anu di lestarikeun, ngaranna situs Ki Buyut Manguntapa Salamanik Baregbeg,
- Gareng : dupi Ki Buyut Manguntapa teh asli kalahiran Baregbeg kang ?
- Dawala : numutkeun katerangan nyaeta carios beja pabeja beja anjeunna sanes kalahiran Baregbeg tapi Kalahiran Cirebon, harita waktos jumeneng keneh Raja Prabu Siliwangi anjeunna kapapancenan ka leubah dieu, ngabantosan dina hal pemerintahan, kayakinan sareng tata kelola lingkungan, ya di Baregbeg oge anjeunna nyebarkeun Ajaran Agama Islam.
- Gareng : ohh kitu nya kang, anjeunna nyalira bubuara ka Baregbeg teh ?
- Dawala : henteu reng anjeuna aya rencang na, anu masing masing rencang teh kagungan atanapi kasinugrahan kaahlian masing masing,
- Gareng : tah tah tah saha wae eta kang rencang Ki Buyut Mangun Tapa teh ?
- Dawala : tah rencang Ki Buyut Mangun Tapa teh numutkeun carios ti juru kunci atanapi kuncen di wewengkon Patilasanna nyatana di Salamanik tea
- Gareng : owh aya juru kunci na oge di eta wewengkon Patilasan Ki Buyut Manguntapa Salamanik teh kang ?
- Dawala : kantenan aya atuh Reng, nya anu katelah wasta na eta juru kunci teh nyaeta Abah Soleh Saepudin linggih na di Dusun Desa RT 004 RW 002 Desa Baregbeg Kecamatan Baregbeg
- Gareng : owhh kitu nya kang ? tos lami anjeunna janten juru kunci teh ?
- Dawala : sapertinamah lumayan lami oge reng, keun urang teunden di handeuleum sieum pikeun sampeureun jaga perkawis Juru Kunci mah nya,
- Gareng : muhun muhun kang, atuh lajeungkeun deui ngeunaan rencang atanapi pangiring Ki Buyut Mangun Tapa tea kang !!
- Dawala : tah jenengan para pangirin Ki Buyut Mangun Tapa teh diantarana aya Ki Dalem Abrur patilasanna di palih wetan peuntaseun walungan cikalagen nyaeta sagedengeun Dam Aspan
- Gareng : ohh kutan palih wetan nyah ? teras saha deui ?
- Dawala : salajeungna aya Nyai Buni Geulis patilasanna lamun ti Patilasan ki Dalem Abrur ka belah wetan kebat pernahna di teungah sawah aya hiji tempat anu rimbun ku tutuwuhan ti tengah sawah
- Gareng : ohhh ti Dalem Abrur ka palih wetan nya, teras saha deui kang ?
- Dawala : ti Nyai Buni Geulis ka palih Kulon meuntas walungan cikalagen deui didinya aya Kiai Arya Janggala anu kacarioskeun ilang di palihan dinya
- Gareng : muhun muhun muhun, masih keneh aya kang pangiring na ki Buyut Mangun Tapa teh ?
- Dawala : aya reng, tah ti patilasan Dalem Abrur ka palih kaler aya didinya pernah bumetahna Kiai Gajah Barong nah malahan mah aya sakola Dasar anu ngangge ngaran mantenna nyaeta SD Gajah Barong.
- Gareng : ohhh aya geuningan nya Kiai Gajah Barong teh ? teras saha deui kang ?
- Dawala : ti patilasan Kiai Gajah Barong ka beulah kulon didinya aya Patilasanna Dalem Sutakerti urang dinya mere ngaran ka eta wewengkon nyaeta Sakerti
- Gareng : ohh Dalem Sutakerti nya ? teras masih keneh aya Kang Pangiring na ?
- Dawala : aya reng tah ti Gajah Barong kebat ka kaler didinya aya Kiai Rambut Beukah, pernah na di Dusun Ciwahangan
- Gareng : oh muhun muhun muhun teras aya keneh kang ? pangiring na ?
- Dawala : aya reng nyaeta ti panglinggihan Kiai Rambut Beukah ngaler ngulon aya didinya nyaeta Ki Ajar Padang nyaeta wewengkon Pasanggrahan. tah urang duaan ayeuna aya di wewengkon Pasanggrahan cakeut sareung tempat linggih na Kiai Ajar Padang.
- Gareng : ohh muhun muhun kang, nya sigana sakali kali mah urang teh kudu kadinya nya kang ? silaturahmi pangpangnamah tapakur sangkan inget kana perjuanganna ngaheuyeuk leumbur sangkan subur makmur
- Dawala : nya Reng pan aya paribahasa maung paeh ninggalkeun beulang manusa maot ninggalkeun karya jeung pagawean pagawean nu hade turutaneun tuluykeuneun generasi nu bakal ngaganti na nya diantara urang duaan ieu.
- Gareng : eunya Kang ayeuna arurang mah mun dibandingkeun jeung aranjeunna tacan aya nanaonna, aranjeunna mah estu sepi ing pamrih rame ing gawe, ari kuring mah lamun barang gawe teh pedah aya pamrihna geuningan.
- Dawala : puguh ge reng nya kitu akang ogenan migawe nanaon teh teu weuleh sok kaentreupan wae ku rasa hayang ka eueluhkeun, hayang di nuhunkeun hayang diwahkeun hese geuningan nya nata hate sangkan mibanda atawa anceug kana sepi ing pamrih rame ing gawe teh.
kitu diantarana paguneman antara Dawala sareung Nala Gareng silih elingan atawa sakilas ngaguar ngeunaan para kasepuhan anu ngadukung kana kamajuan atanapi perkembangan Desa Baregbeg. cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar