Teubisa teubisa moal aya kabisa
lamun teu diajar jeung nyobaan
nepikamana wae oge moal bisa
nya kudu nekad jeung nyoba'an
Pokona hirupmah kudu aya kabisa
kabisa anu saluyu jeung jamanna
anu mere manfaat boh keur diri boh keur lianna
pohara rugi saumpama cukup nyebut teu bisa
tanpa aya usaha atawa tarekah sangkan bisa
karasa teu walakaya dina teu boga kabisa
sagala rupana ngandeulkeun kaha'at insan lianna
leuheung basa kanu nulungan bisa mere upahna
kabisa lain ngan saukur bulat beulit nata bahasa
rungkal rengkol kaditu kadieu tanpa fakta
leuwih hade obrolan jeung prakna
lain ngan saukur ngabudah hungkul lah
Loba catur tibatan bukurna
bau sungut ngabamblam jiga nu eunya
ngarti jeung faham kana balukarna
padahal kerek semet sugan jeung boa-boa
nu kitumah watek nu kurang guna
asa leuwih hade tiis ceuli herang mata
asa leuwih hade cicing perhatikeun alur caritana
sugan isuk jaga ning geto bisa nurutanna
nurutan rengkak paripolah anu alusna
teu ngan saukur cacarek atawa nitah
jiga juragan nu gede hulu nu kudu di ugung ugung
saukur hayang senang teu hayang usaha
ari kitumah ngeunah di ehe teu enak di eon
punten dina hal ieu kuring hampura
saumpamana kuring loba mungpang
inyana jalma kuring jalma,
mungguhing Gusti Allah kabeh ge sarua
rekep dengdeng papak sarua
lain harta tahta tur jabatan nu jadi ukuran
tapi Kataqwaan tumut kana bebeneran
bebeneran anu saluyu jeung parentah Agama
nu natrat atra pertela kacutat dina ayat-ayat Na
nyatana Kitab Al'Qur'an tea
piwuruk pituduh keur sakumna manusa.
Catetan - catetan pikeun bacaeun kuring, malah mandar jadi pangajaran tur pangeling - ngeling diri anu mindeng kalangsud dina enggoning ngajalanan kahirupan di dunya ieu.
Kamis, 20 Februari 2025
DIAJAR BENER
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, Sampurasun, bagja bagja bagja waluya kawan kawan semua, kita bertemu lagi ya, he he he, ter...
-
KECAMATAN BAREGBEG Kata Pengantar Puji Syukur Kami Panjatkan ke Hadirat ALLAH SWT Tuhan yang Maha Esa atas Rahmat dan Karunia NYA kita ...
-
SAPAAN DAN UCAPAN TERIMA KASIH SERTA IJIN BERGABUNG DI FACEBOOK Main Facebook semalam suntuk di Facebook banyak unik - unik wahai kawan - ka...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar