Powered By Blogger

Sabtu, 24 Januari 2026

DUSUN CIWALUNG

Panon poe lumayan panas ngabetrak, cahayana anu panas nojo kana dangdaunan anu nyimbutan tangkal tangkal anu rarajeug di ieu wewengkon, hejo lemok dangdaunan pangancikan rupa rupa sasatoan, nu leutikna nu geude na, sarupaning manuk, nya da kabeuneuran di beh dieu mah manuk anu masih keneh arayamah, sanajan rupa atawa jenis na teu geugeup atawa euyeub kawas di wewengkon batur. 

nya kitu tea da di beh dieumah teu kasebut padesaan pisan ayeunamah kusabab ka pusat kota teu pati jauh ngan ukur kurang leuwih 5 km, nyeta pusat kota Kabupaten Ciamis atawa anu beh ditu namah katelah na Galuh mun teu salah tahun ayuena Ciamis nincak kana milangkala ka 383 tah dina salila tilu ratus dalapan puluh tilu tahun aya perubahan ngaran nyeta asal na Galuh jadi Ciamis, ngan moal disebutkeun mangsa na da bisi salah jeung kuring na lain ahli sejarah kaditu na bisi salah penafsiran oge bisi teu pihadeun.

nya meureun arikitumah kuringmah asupna kana cocoklogi atawa ngait ngaitkeun caritaan caritaan batur, carita rakyat pinutur sepuh jeung fakta atawa realita anu kajadian sok sanajan eta bisa bener bisa oge salah kusabab kuring teu nyaksian kajadian nu pasti na. 

aduh hilap para wargi Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh sampurasun mugia para wargi samudayana aya dina kaayaan sehat walafiat, sehat lahir bathin jiwa raga berkah salamet milik sinareung rezekina sapapaosna pinanggih sareung kauntungan tur kabagjaan anu hakiki.

dina leresan ieu pribados bade cumarita ngeunaan lembur Ciwalung, kunaon ceunah Ciwalung ? nya da kuring na bongan saha dumuk matuh na di eta lembur. dina vidio ieu teu saparo - saparo na acan jero jero an lembur ciwalung teh, nya lumayan lega oge sih.

saur pun Bapa Ciwalung teh anu maksudna lawung anu hartina panggih, pateupung lawung, tah kusabab pateupung lawung jadi weh ngagulung sagulung sagalang, nya saumpamana dikait kaitkeun jeung nu terjadi ayeuna da memang sa eunya na di lebahan dieu beh namah ti daerah mamana aya nu ti beh kaler aya nu ti beh kidul nu pada akhirna nya didieu sagulung sagalang.

tah ari ciwalung eta teh ngaran padusunan nyaeta babagean tina pemerintahan desa anu di asuh diaping dijaring ku kepala atawa ketua anu disebutna nyaeta Kepala Dusun, nya ari masyarakatmah biasa sok ngagentraan Pa Kadus atawa pa Ucun. he he he nya kitu geuning di padesaanmah. ari Desa Baregbeg teh di sakabehna aya opat Dusun nyaeta Dusun Desa, Dusun Ciwahangan, Dusun Baregbeg jeung Dusun Ciwalung. 

sakilas ngenaan Desa Baregbeg beh namah numutkeun carita jeung tulisan ti ahli sejarah anu di cutat dina prasasti nempel dina dinding kantor desa tetela geuning Baregbeg teh asal mula namah ngaran hiji tutuwuhan anu estuning loba manfaatna tapi kalan - kalan jalma sok jiga nu teu butuh malahmah di bukbak nepi ka tumpur ludes sadapur - dapur. nya cindeknamah Baregbeg teh ngaran hiji jenis tutuwuhan jenis awi, ari awi aya awi ampel, ampel koneng, ampel hejo, aya awi gombong, aya awi tali, aya pringkadani, aya tamiang, aya buluh, aya bitung tah Baregbeg oge asupna kana tutuwuhan awi baregbeg, dina wanda atawa rupa memang beda ti awi anu ilahar, henteu geude teuing teu leutik teuing, nya sigana beh ditumah mangsa masih jaman penjajahan sigana cocok atawa mantes dipake atawa di jieun Bambu runcing.  

saleresnamah seueur atawa euyeb mun kudu dicaritakeunamah, tapi keun we lah nya hiji hiji we heula. keun cuang tunda dihanjuang siang cuang teundeun dihandeuleum sieum geusan sampeureun jaga ngenaan baregbeg, saheulaanmah cuang tuluykeun deui ngeunaan Desa Baregbeg, nya urang mulang deui atawa ceuk dina siaran tv mangsa haritamah kembali ke leptop ceunah, tah para wargi dina kasempetan ieu kuring nuluykeun deui ngeunaan ciwalung nya. 

tah di vidio ieu tepatna di wilayah RW sawelas jeung dua welas, pernahna di lingkungan Baladewa naha ceunah baladewa ahh duka kuring ge teu pati apal ngan aya carita nu katarima ti sepuh kamari atawa budak baheula nyaritakeun ka kuring, ceunah beh ditu di lebah dieu pernah aya anu nangenan etamah rek percaya atawa heunteu teu nanaon da teu apal angin Alloh anu uninga kana sadaya perkara ceuk bahasa arabnamah Wallahu Alam Bisyawab. di beh dieu duka tepatnamah pernah aya anu boga pangalaman ceunah harita mangsa peuting peuting ka beh dieu, nya kunaon kabeh dieu peuting - peuting nya meureun aya perlu tah inyana papanggihan atawa ningali di luhureun tatangkalan aya bangunan istana marapat ngulon ngetan ceunahmah da meureun ari beh ditu mah disebutna tempat cicing dewa, nya wallahu Alam bisawab, da nya kitu tea manusa mah aya keterbatasan dina hal hal anu di luar jangkauan tea nya.

duhh panjang geuningan caritaan teh nya, tah tah tah sabenernamah ieuteh kabandasapon ku Perumahan tapi duka kumaha ieu teu neupi ka pinuh perumahanna, tapi aya alusna oge teu pinuh ku perumahan dina cuaca na teu panas teuing da masih keneh loba tatangkalan. beh ditumah tapi beh ditu ge teu puluhan tahun tapi taun taunan kamari tacan aya tangkal jambu di sajalan teh, nya ieu ge siganamah hasil kreativitas warga anu resep pulak pelak tutuwuhan, nya ngabukti ku reuseup pulak pelak hasil nya ka ala ku kuring jeung batur kuring nyaeta jambu kulutuk anu diala. 


aaaaadduhh parawargi kumargi sapertosnamah panjang teuing ieu maca cateutan teh sapertosnamah kangge ayeunamah bade di ceukapkeun sakieu we heula nya Insyaallah sanes waktos disambung deui sareung cariosan cariosan anu sanes na. hatur nuhun kana perhatosanna dukungan subscribe like sareung komen na mugia Allah Subhanahu Wata'ala ngagentosan ku nu langkung sae Aaamin Yaa Allah Yaa Rabbalalamiin.

mulung muncang di sisi leuwi
Insyaallah pateupang deui

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

SOEMINDAL

buah nanas tangkainya masih hijau terlihat mata ahhhh entah dari mana harus memulai nya ini cerita,  karena sudah terlalu panjang perjalanan...