Powered By Blogger

Selasa, 03 November 2026

MANTUN / PAPARIKAN / PANTUN

Leungit korek basa tas ngadurukan
teuing di beh mana ragragna
Rek kamana mang rurusuhan
eta aya nu ragrag tina saku calana

korek api kabaseuhan
tangtuna hese diceker ceker acan
eunya puguh ieu rurusuhan 
erek neang cai balong bisi kasaatan 

ah balong kasaatan mah bedahkeun sakalian
lauk badagna heg kuring bagean
eh ke heula mang eta nu murag moal diampihan
kumaha mun ku kuring disakuan

lah puguh laukna can aya nu badagan
barurey keneh segede gede ayakan
nya lah kop wae purak sakalian
da nu muragmah siki salak kapesakan

MANTUN / PAPARIKAN / PANTUN

Leungit korek basa tas ngadurukan teuing di beh mana ragragna Rek kamana mang rurusuhan eta aya nu ragrag tina saku calana korek api kabaseu...