Angin tiis karasa nyelecep kana tulang sandi, jigana ampir karasa kana sumsum oge, peuting anu poek ngagayuh beuki teungah peuting bae. kacarios di hiji tempat nyatana lembur panglawungan nagara ngawang-ngawang, aya nu masih keneh paguneman catur atawa ngobrol ngaler ngidul, nyatana Dawala jeung Nala Gareng, silih toel silih tema patarema obrolan, nya diantarana ngobrolkeun ngeunaan media sosial di jaman kiwari
Dawala : Reng tetela nya berkembanna kamajuan teknologi teh kacida cepetna ?
Gareng : ah eunya kitu Kang ? nah cepet kumaha ? lalulumpatan kitu ?
Dawala : his lain lulumpatan, kawas mobil atawa motor atuh !!
Gareng : na model kumaha kitu kang ? asa can pati asup kana pipikiran yeuh
Dawala : ah da barina ogenan ulah diasupkeun kana pipikiran, sok sanajan sakapeung mah sok kapikiran
Gareng : beu naha jadi beuki pabeulit yeuh rarasaan teh, kumaha kumaha maksud na ?
Dawala : geus tong di kuir kuir wae mih teu pabeulit, kieu yeuh Reng, dirasa rasa jaman kiwari mah, saha wae oge sigana terbuka peluang jaradi artis jiganamah.
Gareng : ah artis kumaha ? sakaapal ari artis mah terkenal alias dipikawanoh inyana dimana - mana ti suklakna ti siklukna
Dawala : ha ha ha ha nya dalah da di heunteu heunteu oge sarerea oge bisa reng,
Gareng : ah asa can kapikir kang kumaha, atawa naon anu jadi cukang lantaranna ?
Dawala : yeuh reng ku ayana malah mah loba media sosial ngabuka peluang keur anu bisa ngakses jeung ngagunakeunna sumawona ngamanfaatkeunna jadi jalan panganter na atuh.
Gareng : hmmm nya naha ? ahh asa jararauheun ari kuring mah kang, repot jigana lamun jadi artismah, padat kegiatan meureun, jadwal kaditu kadieu.
Dawala : he he he nya nya, tapi pan ari anu beuner beuner jadi artis mah maranehna boga manager atuh, anu ngatur jadwal kagiatan maranehna.
Gareng : nya pasti alias kudu meureun atuh etamah supaya jaralan sarerea, taya nu katunda kabehna bisa kawalatraan.
Dawala : eh tah pan eta ilaing nepi pamikiran nepi ka lebah dinya.
Gareng : ke ke ke tadi ceuk akang sarerea boga peluang nu sarua ? kumaha tah maksudna ?
Dawala : eunya Reng sok we geura urang pikiran, ku ayana media sosial anu loba rupa na, didinya pan sarerea anu bisa ngakses pangpangna boga kuota, sacara teu sadar lamun mosting hiji dokumentasi teh, keur mromosikeun dirina ka papada batur nu lian,
Gareng : hmmmmmm asa asa asa eunya dipikir pikirmah, cik tuluykeun kang
Dawala : tah satiap hasil karya urang, meureun ceuk ieu akang oge, hasil karya urang anu geus naek kada media sosial sacara teu langsung diri sorangan teh mromosikeun atawa ngenalkeun diri sorangan ka khalayak ramai,
Gareng : na khalayak ramai kumaha ? pan meureun anu ningali na oge terbatas, ngan ukur babaturan anu berteman atawa ngikuti urang ?
Dawala : nya akur bae atuh, kangaranan hiji karya atawa anu tadina ukur diri sorangan anu ngonsumsina ayeuna di bagikeun kabatur berarti meureun etateh jadi konsumsi publik atawa balarea lin ?
Gareng : aeh eunya kang, di pikir pikir mah beuner eta jadi konsumsi publik,
Dawala : tah kajaba ku diri sorangan di privasi, tapi naha eunya ku urang di privasi pihak anu boga aplikasi teu bisa noong kana privasi urang ?
Gareng : ah duka tah, prasangka hade we, admin na Insyaallah amanah moal wawanian noongan kanu di privasi.
Dawala : tah satuluyna, pan ayeunamah geus jadi penomena anu biasa, satiap kamana - mana urang sok ngabadikeun ceunah momen atawa waktu anu alus jang postingkeuneun kana media sosial.
Gareng : nya nya nya beuner, kuring oge katularan kang kawas kitu,
Dawala : tah pan baheula mah jalma jalma tertentu anu bisa kitu teh, ayeunamah meh kabeh bisa, ku ayana dipermudah hal atawa barang jang ngolah na.
Gareng : tapi da heu euh dipikir pikir mah, kabeh oge anu boga media sosial mah jigana keur jadi artis.
Dawala : eunya reng, beda namah dina pendapatanna atawa bebeunangan jeng penghasilanna, aya nu loba aya nu alakadarna.
Gareng : nya nya nya, keun we lah, da emang geus kuduna gurat na kudu jiga kieu jaman ka jaman teh meureun kang
Dawala : eunya reng, ngan akang mah meunang pamanggih tina kajadian ieu teh
Gareng : na pamanggih kumaha kitu ?
Dawala : baheula guru ngaji ngabejaan yen ceunah ke di alam akhir, urang bakal ningali laku laku urang ti mimiti neupi ka panganggeusan, saperti ningali film
Gareng : ohh kitu nya kang, lajeung
Dawala : tah harita mikir na eunya kitu ? na kumaha carana ?
Gareng : terus kumaha kang ?
Dawala : tetela ayeuna nyata katingali, geuning di ibaratkeunna memori hp, plash disc atawa harddisc, duhh tetela urang teh unggal poe ogenan direkam.
Gareng : ohhh eunya kang, duhhh mugia urang samudaya diteubihkeun dijagi tina laku laku lampah anu awon kang
Dawala : aamin aamiin Yaa Allah Yaa Rabbalalamiin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar